NGAJUBLEG
Haté bungangang. Meunang duit sakaranjang. Dagangan weuteuh duit heueuh. Pamajikan surak bari namprak.
Haté bungangang. Meunang duit sakaranjang. Dagangan weuteuh duit heueuh. Pamajikan surak bari namprak.
Blug, nutupkeun panto. Cetrék. Brugh. Teu kungsi lila, kuring duaan geus aya ditengah rongkahna galura rasa.
Dipapay ti mimiti batur sakola baheula, teu kabayang saeutik-eutik acan. Dulur, tatangga, baraya, batur digawé nepi ka urut kabogoh.
Datangna teu ngahaja, geus diguratkeun dina rasa didituna, ‘Duriat’ Darso ngajéntrékeun
Burudul, hadirin muru. Cekrék cekrék, sora kaméra, disusul ngajomantarana poto-poto ditulisan ‘DI TKP’.
Pingping tiis kaanginan. Teu lila panto ngulutrak. Torojol nu ngais budak. Colohok langsung ngagoak. "Akang...!" bari meungpeun carang.
“Hahaha....” Seurina beuki tarik. Panonna mimiti buringhas. Sorana handaruan. “Kang...!"
Peremén karét nu tadi peuting kaseglong ku budak, pindah kana beuteung lauk, waktu tadi dipiceun. Ayeuna kadahar deui.
"Tingal geura, kang. Pangling nya," bangun reueus manéhna némbongkeun. "Saha heula nu ngadangdananna," pokna neruskeun. Kuring ngarérét...
“Code Blue.” Pokna, ngadeukeutan ‘Monitor Pasén' gédéngeunana. Kuring nuturkeun ku rérét. Mapayan kabel-kabel nu pakuranteng.
Jentrèngna hitar dina lagu 'Concierto de Aranjuez' nganteurkeun ka mangsa samèmèhna. Tepung matuh, patarema rasa, pakait ati.
Gurudug gurudug, digusur ka pos. “Sia copét. Rék kabur, siah.” Manéhna pupurungkutan. Watir, kituna mah.
Durukan ngabebela. Bangun hayang ngaduruk peuting nu jempling. Hayang ngaduruk lalancip-lalancip angin
Artosna, pamasihan tinu narumpak motor sareng mobil nu lirén caket lampu setopan
Ngabayangkeun ni’matna ngadèngè nu ngocèak. Nyèh imut. Dituturkeun kalangkang tingraringkang tukangeunana.
Jempe,Kang. Manéhna ngantelkeun curuk kana biwirna. Panona gular-giler. Salaki kadieu. Kuring. rurat-rérét.
Hiliwirna angin mèpèndè ligarna dua haté, dipinuhan rasa bagja dina galindeng wirahma katrésna.
Gerak tincak tingsariak, matak nyeblak. Taya kendang anu labas, taya goong anu kosong.
Leungeun hideng jarambah kamana-mana. Getih mimiti ngagolak, nyaliara saawak-awak. Jantung teu puguh ketug. Ambekan rénghap ranjug.
Kuring seuri, kedok milu seuri. kuring kesel, kedok molototan. Kedok minda minda rupa, nyaluyukeun jeung kahayang. Kedok napel pageuh.