DURIRANG DURARING 'IN THE MORNING'
- Donny Jatnika
- Dec 9, 2019
- 1 min read
Updated: Dec 12, 2019
"Éh, ning tos siap," cenah barang asup ka kamer. Daster bodas, buuk kulimis. Anyar kuramas. Ngeureunkeun hahariringanana nu ti tadi dihariringkeun..
"Ulah teu datang, cenah," témbal téh. Panon anteb, neuteup langgéorna. Nuturkeun gurat-gurat ngelemeng dina bajuna. Ngawawaas waktu nyasaran peuting tadi.
"Pasti istiméwa. Anak hiji-hijina." pokna bari ngipris-ngipris buuk baseuhna. Réma-réma laléncop, luak-léok dina rumbayna. Susulusupan.
"Sagala diketrukkeun," cengtèh, negeskeun. Leungeun mah rarasaeun kénéh, ngaramesan buukna nu leubeut siga leuweung. Hégak nu teu ngawirahma, karasa rongkah waktu leuweung lainna kasasar. Punduk bodasna nu lemes mancerkeun cahya. Karasa gegeleseran basa mapayan.
Tapis pisan dangdan najan basajan. Mimiti mokplokkeun wedak, ngagurat halis jeung sajabana. Biwir runyah-renyoh, ditutur-tutur lipensetip. Ngarérét sakeudeung. Laju ngajebian. Ser.., jedud. Jajantung karasa nyeblak. Kuhayang ngasongkeun lipensetip nu keur teterejelan. Srot, nyemprotkeun minyak parfum pamungkasna. Nyambuangkeun aroma. "Yu, Kang," Manéhna ngahiap, rada ngadilak. "Ké sakedap."
Kuring cengkat, rada moyongkod. Léngkah karasa gejed. Leumpang rada égang. Calana karasa nyeregan. Blug, nutupkeun panto. Cetrék. Brugh. Teu kungsi lila, kuring duaan geus aya ditengah rongkahna galura rasa.**
コメント