top of page
Blog: Blog2

SASALAD RASA SALADAH

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Mar 24, 2020
  • 1 min read

“Aya naon, Mah?” cengtéh, nempo pamajikan cilingcingcat teu daék cicing. Meusmeus nelepon bari pepeta, sakapeung luh-lah bari rut-rét ka luar.

“Ssst.. Jempé, Pa!”

“Har. Mamah nu riweuh, bapa nu dititah cicing.”

“Ssst.. Bisi kadangueun. Itu di luar.”

Kuring malik ka jalan, lunga-lengo ka panuduhna. “Euweuh nanaon.”

“Ih, ariteun téh,” pokna neruskeun. “Ceuk ti kalurahan aya nu karék balik ti luar nagri. Paur. Népakeun panyakit. Mangkaning keur usum korona,” gap kana hapéna. Narima telepon. Ngomong bari ituh-euleuh. Teu lila nelepon deui bari pepeta, siga paparéntah. Tereleng ka ditu, tereleng ka dieu. Ijigimbrang. Aduh-alah bari garo-garo singsat.

“Kaditu atuh. Puguhkeun.” Cengtéh.

“Ih, gandéng. Kawas nu teu ngarti,” pokna rada muncereng. “Henjug wé kaituh!” manéhna malik nitah. Laju cas-cis-cus bari pepeta, sakapeung rut-rét jalan. “Itu, tuh, Geuwat, bisi ka dieu!” Kuring éléh-déét. Gejlig indit, rék muguhkeun.

“Cilaka. Mah!” cengtéh sanggeus balik deui. Barabat ngadongéng bari omat-omatan. Pamajikan beuki rerempodan, “Alaaah... kumaha atuh?” kaciri bangun hariwang.

“Keun, urang bawa indit.”

“Sing jauh, Pa. Ati-ati!”

Kop, konci mobil, gejlig ka luar. Geuleuyeung, mobil nyampeur nu dimaksud. Ngajauhkeun ti wewengkon imah. Dius, nyemprung ka tonggohkeun.

“Ari Enung, naha bet milih di daerah dieu panalungtikanana?”

“Ih, manawi téh bumi akang sanés di palih dieu,” jeletot nyiwit cangkéng.**


 
 
 

Comentarios


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page