KASARAD SASALAD
- Donny Jatnika
- Mar 24, 2020
- 1 min read
Ngadéngé béwara ‘Social Distancing’, manéhna langsung mariksakeun karep saméméh cicing nyorangan. Kahariwangna leuwih ti misti, sabab kungsi nyaksian langsung jeung tina béja-béja pikakeueungeun. Kumaha pibalukareunana COVID-19. Gancang pisan nerekabna. Ngabuntukeun laku.
Ti puncak aparteménna, nyérangkeun kaayaan sabudeureunana. Patalimarga mimiti coréngcang, nu laleumpang beuki ngorotan. Mobil-mobil nu balawiri, ganti ku tinggeuleuyeungna mobil-mobil patroli diantara pulang-antingna ambulan nu tingharéang.
Waktu beuki nyérélék. Poé-poé geus kaliwat, minggu ganti bulan. Bulan-bulan geus katincak. Sakurilingeunana bet mawa lewang. Gedong-gedong nu tingjungkiring katempo hieum. Jalan-jalan simpe. Ambulan geus ampleng-amplengan, teu datang deui. Manéhna masih anténg dina sawanganana. Dibaturan béntang-béntang nu tingkaretip jeung bulan nu siga nyengseurikeun. Isukan, gerentesna. Sugan poé isukan panonpoé datang méré kahirupan anyar.
Binarung rasa cangcaya, manéhna néang. Leumpang diantara ruruntuk. Ngétan, mapag nu bakal datang. Jog ka hiji patempatan, karasa pikabetaheun. Jalan-jalan resik, taman asri, nu laleumpang balawiri. Saruka bungah. “Kang!” cenah ka salasaurang, sobat deukeutna baheula. Ukur ditembalan ku panon seukeut.**
Comentarios