ARTIS DADAKAN
- Donny Jatnika
- Mar 26, 2020
- 1 min read
Sutradara cuh-cih, ngatur kru. Juru kaméra, manco di posisina. Para artis siap narima paréntah.
”Awas! Abaikan kaméra. Sténbay. Kaméra, roling. Eksyien!”
Breng musik disadakeun, para artis arasup ka pakalangan. Nyaranyi bari ngibing saluju jeung nu dipapadonkeun. Artis dadakan, meunang ngalatih dua poé saacanna. Dibéré pancén nyieun pideo klip. Lipsync. Najan kitu, sora kudu dikaluarkeun pol, malar akur jeung éksprésina.
“Kat, kat!” sutradara gogorowokan, Para artis haré-haré. Teu ngarti jeung kajongjonan. Ngibing cacalawakan. Maklum kakara.
“Ėé.. Areureun heula!” Sutradara gogorowokan, “Samping benerkeun!” Burisat, saréréa pahibut malenerkeun pakéan nu teu karoris. Kaantengan.
“Okéy, siap-siap. Kaméra. Eksyien!”
Breng, musik disadakeun deui. Para artis arusik deui.
“Kat!” saurang pamaén ngagorowok bari pupuringisasn.”Suku kram, Kang.”
“Kaméra. Rolling. Eksien!”. Jempling.
”Mana musikna…?”
“Kéla, Kang. Kabelna leupas. Katajong!” juru musik ngagorowok.
“Euuh.. aya-aya waé. Siap, siap, siap!”
“Kaméra. Eksyien!”
Breg, ngadadak hujan. Saréréa paburisat.
Hujan beuki kerep, para artis mingkin tibra, gempar di pangiuhan. Kasibat teluh kéjo.**
تعليقات