top of page
Blog: Blog2

BATU TURUN KEUSIK NAĖK

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Mar 20, 2020
  • 1 min read

Batu turun keusik naék, nu dipikahayang ku kuring ayeuna meureun. Caina hérang laukna beunang. Manéhna lain batur sakasur, tapi sasumur. Ngala kipayah di tempat sarua. Najan teu sadapur, tapi imahna salembur.


Batu turun keusik naék. Batur, purun nu diala, da kuring mah geus puguh daék ti baheula.

Unggal poé unggal waktu kuring ngadeupaan lincar. Néang kasempetan ngalungkeun batu ngarah manéhna purun. Indit digawé ngalungkeun batu, manéhna ukur ngabales ku imut,"ti payun nya, Kang," pokna bari ninggalkeun. Panggih di Alun-alun, nempo manéhna keur diuk ‘na bangku, buru-buru ngalungkeun batu, "dikantun sakedap, nya," pokna bari ngaléos teu balik deui. Puguh deui mun di masigit mah, tempat nu mustari pikeun pakait ati. Cacak amprok di terminal nu pabaliut, teu poho kana niat ngalungkeun. Kuring masih usay-usey nyiapkeun batu, manéhna geus ngageuleuyeung. Naék angkot.


Taak ngalungkeun batu ka handap nu can kaparengkeun manéhna purun, padahal keusik geus teterejel naék, sakali mangsa kuring ngalungkeun lempeng ka hareup, rada tarik meueusan. Meneran kaca jandéla imahna. Praaang!


Teu kungsi lila akina kaluar bari ngamang-ngamang iteuk.**



https://samudrajatnika.wixsite.com/jatnika-smart



 
 
 

コメント


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page