top of page

ARTIS DADAKAN

Hujan beuki kerep, para artis mingkin tibra, gempar di pangiuhan. Kasibat teluh kéjo.

SASALAD RASA SALADAH

Kop, konci mobil, gejlig ka luar. Geuleuyeung, mobil nyampeur nu dimaksud. Ngajauhkeun ti wewengkon imah. Dius, nyemprung ka tonggohkeun.

KASARAD SASALAD

Waktu beuki nyérélék. Poé-poé geus kaliwat, minggu ganti bulan. Bulan-bulan geus katincak. Sakurilingeunana bet mawa lewang.

BATU TURUN KEUSIK NAĖK

Taak ngalungkeun batu ka handap nu can kaparengkeun manéhna purun, padahal keusik geus teterejel naék, sakali mangsa ...

MEULI KABUNGAH

“Enya. Lima satengah milyar.” Pokna negeskeun. Cakakak manéhna seuri, bangun nikmat. Bungah, nempo kuring nu geugeumeueun ngajauhan.

AING FIKMINER, MOAL GALIDEUR

“Enya. Lima satengah milyar.” Pokna negeskeun. Cakakak manéhna seuri, bangun nikmat. Bungah, nempo kuring nu geugeumeueun ngajauhan.

ELEGI KEMBANG HAREPAN NU PEUNGGAS

Blus, kana mobil. Manèhna tungkul nuturkeun, teu sanggup neuteup. Jalan hareupeunana karasa sumpek. Matapoèna geus lila ilang

CIKOPI PABEUBEURANG

Bru, bru neundeun goréngan hareupeunana. Gidig ka hareup. “Kamana?” manéhna olohok.

BONGAN

Reuwas ogé. Aya nu ménta pamajikan, jang pipamajikaneunana. Dikitukeun mah, kaluar jiwa kalalakian.

PUNTEN TIASA NGAWAGEL SAKEDAP

Jadi selebritis dadakan. Diudag puluhan mahasiswa, leupas tina hiji rombongan, dipegat rombongan lain. Diperekpek patarosan.

DIAJAR NGOTRĖT

api kétang, apungkeun wé ieu. Keun, soal rocét mah. Sugan bisaeun ngatur sorangan di jalan

ĖRA DIGITAL

Ngomong bari pepeta sarta tutunjuk ka luhur méja. Si Tétéh kerung, ngangkat taktak saeutik.

TEU TULUS NYATĖ

Barina gé alus kieu, ngajaga tisolédat niat jeung kagoréngan tatangga.

NGĖSANG TEU NGĖSANGAN

Teu lila kadéngé adan, manéhna ukur bisa gegerenyeman. Kasawang, moal kasorang. Manehna ngusap késang.

KAPAHUNG KARUMASAAN

Lapat-lapat ngelemeng nu tinggurilap. Buburicakan. Ngadeukeutan. Mangpirang gambar tingbelesat. Pasulabreng. Bruh-brèh.

SI ÈTA

Bari ngatur napas, mencrong tukang putu nu ngajauhan, lila-lila ngaleungit. Sora jujuitanna beuki tarik. ‘Si Èta’ meunang cococoan anyar.

SSSH... MONTONG RIBUT!

Kuniang uing hudang. Ngagebes nu pahedreng-hereng, “Ssssh, montong ribut. Yu mangkat. Ke dituduhkeun jalanna.

MATAK KEUEUNG

Teu nyalahan. Nyampak kang Somad keur uplek ngobrol jeung pamajikan. Nyel ambek. Geus mindeng kadéngé, maranéhanana sok babarengan.

TIM 11

Wanci janari mangsana takbiran. Di hiji tempat, gigireun makam. “Pasukan..!” Hiji sora tatag.

CARITA NU TEU KACARITAKEUN

Kep, pigeulang aya nu nyekel, ditongtak disakalikeun. Blus, kuring asup kana carita. Gajleng manéhna kaluar.

Blog: Blog2

©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page