top of page
Blog: Blog2

ELEGI KEMBANG HAREPAN NU PEUNGGAS

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Jan 1, 2020
  • 1 min read

"Hmmh. Lumayan," gerentesna. Amplopna ditimbang-itmbang. Rap, rap papakèan nu patulayah sapeupeuting, dipakèkeun. Jen, hareupeun kaca, dungdak-dengdek, gulak-gilek, langgèor kaluar. Ninggalkeun lalaki budayut nu keur nyegrèk tibra.


Di rohangan lobby, lalaki gandang sapantaran nyampeurkeun. Marengan kaluar. Blus, kana mobil. Blug, blug, geleser, Pajèro bodas lalaunan maju ninggalkeun hotèl. Nyemprung. Dituturkeun lamunanna sèwang-sèwang.


Reg, mobilna dieureunkeun di toko 'swalayan', manèhna asup, kaluar deui angkaribung. "Langsung ka bumi...," pokna bari ngasongkeun roko. Geleser, dius. Nyemprung deui.


"Mamah...!" Budak leutik muru nu anyar datang. Bobongkar babawaanana bari galècok. Ngabagèakeun. Budak diusapan, diciuman. Digalèntoran. Pinuh kasono.

"Pah, aya nu naroskeun...," song, mikeun keretas ka lalakina. Diilo sakeudeung.

"Mah!" Pokna tandes. Panonna disipitkeun, dibalèdogkeun ka luar.

"Capè Pah...," semu ngalengis campur hariwang. Ukur dijawab ku paneuteup seukeut. Laju leumpang ka luar. Blus, kana mobil. Manèhna tungkul nuturkeun, teu sanggup neuteup.

Jalan hareupeunana karasa sumpek. Matapoèna geus lila ilang, saprak pibapaeun budakna ngahiang, nalika kembang katrèsna keur meujeuhna ligar.**


 
 
 

Comments


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page