AING FIKMINER, MOAL GALIDEUR
- Donny Jatnika
- Feb 23, 2020
- 1 min read
Hujan siga ngahanakeun, sari-sari ngaulahkeun mangkat. Tapi maenya ngejat. Sasari gé, unggal aya acara tara elat. Tadina, horéam jibreg ti imah kénéh. "Didieu mah garing, Kang!" ceuk Ki Sobat. Laahaolla, ngagerentes. Jlig, indit. Moal galideur, cengtéh. Jeung babakuna mah ditungguan ku Si Méncrang di dinya.
Datang ka tempat. Pada ngabagéakeun. Disambut payung agung, diamparan karpét beureum, dipirig para dayang. Gék, diréndéngkeun gigireun putri. Luhureun panggung. Kuring tibang olohok. Rék méré rénjagan naon Ki Sobat? Ngarumasakeun, mun nyieun fikmin sok ngarénjagkeun nu maca. Tapi ari dikieukeun teuing. Asa teu kudu. Kuring téh saha. Ukur nu hayang nyaksian pagelaranana. Rut-rét ka sakuriling. Euweuh nu wawuh. Naha dimarana ngarumpulna wadia balad?
Waditra mingkin ngagembrung, nu ngéngklak tambah obyag, aweuhan beuki ngaguruh. Tiriling notifikasi WA asup. Langsung dibuka. 'Kang naha teu sumping? Si Méncrang keseleun. Tos sepi.' Kuring ukur kerung. Rét, sakuriling.
Wirahma mimiti silung, nu ngéngklak siga nu linglung. Treup, pateuteup jeung nu gigireun. Silipelong.**
https://samudrajatnika.wixsite.com/jatnika-smart
Kommentit