DURIAT KAPEGAT BENGBAT
- Donny Jatnika
- Dec 1, 2019
- 1 min read
Updated: Dec 12, 2019
Rada rumengkog. Leumpang asa kumalayang, kabawa rasa nu mancawura. Taun-taun kalarung, karék nincak ayeuna. Tempat nu kungsi neundeun carita. Rus-ras. Jog ka pakarangan, mingkin seseblakan. Rut-rét ka sakuriling. Bet asa deja vu. Nu balawiri, pakéan wanda sarupa, bodas-kulawu. ‘Seragam’ harita. Nu réréndéngan, nu ting-alabrul, sawaréh cakah-cikih. Sili-bagéakeun. Kuring anteng ngimeutan, néang. Ngoréhan sésa borélak sapasang paneuteup nu kungsi ngoyagkeun mamaras rasa. Nu masih natrat tapakna.
Rét ka juru lapang. Nyéh. Kabayang, mun seug harita kasorang, duh waas. Meungkeut asih handapeun liuhna tatangkalan. Dunya téh asa nu urang. Ngan teu werat. Kapaksa ditulis na bangku, bongan mun didawamkeun sok diréken lebay.
Lamunan dipungkas ku rénghap napas. Bet luludeunganan melakkeun katineung, kembang kamelang.
“Kang...” hiji sora meuyarkeun.
“Aéh..., saha nya..?” cengtéh.
“Abdi.., ih mani hilap. Abong geus kolot.” Pokna.
“Aéh.. euuh...,” kuring kumareumbing, teu puguh cabak, nempo manéhna ayeuna jeung patpuluh taun ka tukang. Mun seug daék wakca harita, boa.**
Comments