DIAJAR NGOTRĖT
- Donny Jatnika
- Dec 15, 2019
- 1 min read
Hayang seuri mun ras ka sorangan. Ancrub kana dunya sastra bari teu ngarti. Ukur ku resep. Matak basa dititah makarya, bati bengong. Bet boro-boro nyieun carita, kutrat-kotrét gé seuseut. Enya ceuk Mas Arswedo Atmowiloto dina bukuna, ‘Mengarang Itu Gampang’. Tapi ari prakna mah, angger. Kumaha ngamimitianana, matak dung-deng. Komo ngungkarakeunana. Kotrétan kalah rocét ku corétan. Asa mening kénéh diajak maraton, ngoprot gé puguh.
Cenah mun can bisa ngambahkeun imajinasi, bisa nyaritakeun pangalaman. Asa teu boga nu istiméwa. Soal bobogohan? Beuh, teu kawas Dylan jeung Milea. Pilakadar ukur silirérét di kelas. Teu wani leuwih. Malah mun pareng paadu teuteup, karasana alabatan ditonjok Mike Tyson. Atawa kaayaan di imah? Sarua. Euweuh anéhna. Maenya kudu sina paraséa heula, nurutan sinetron. Hih, bararaid. Pokona mah teu boga bahan caritakeuneunana. Mening saré heula kitu? Sugan ngimpi. Boga bahan caritakeuneun. Tapi kétang, apungkeun wé ieu. Keun, soal rocét mah. Sugan bisaeun ngatur sorangan di jalan. Pung!**
Comments