top of page
Blog: Blog2

ĖRA DIGITAL

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 15, 2019
  • 1 min read

“Aa..., ningali koran nu kamari?” Pamajikan kaluar ti kamar, bangun rusuh. Budak ukur gogodeg panonna teu leupas tina komputer. Leungeunna pakupis duanana. Sigana keur anteng. Embung katinggaleun. Meunang jawaban kitu, manéhna muru tumpukan buku, dodongkoan ka kolong méja bari sisingkab. Kadéngé luh-lah. Tereleng kana lomari. Soroloook.. soroloook.. mukaan laci, ngoréhan eusina. Jebréd nutupkeun deui. Gidig ka tukang “Bi, koran urut kamari dikamanakeun?” nanya ka nu di dapur. Teu kadéngé jawaban. Tereleng deui ka ruang tamu, ukur kadéngé pak-puk jeung srat-srét. Teu lila balik deui. Srog, paamprok jeung Si Tétéh nu keur kaluar ti kamarna. Ngomong bari pepeta sarta tutunjuk ka luhur méja. Si Tétéh kerung, ngangkat taktak saeutik, gogodeg bari biwirna rada dijebikeun, leungeun duanana teu leupas tina HP. Manéhna nyampeurkeun kuring, panonna melong, halisna rada ngangkat saeutik. Ngumaha.


“Maké ieu wé.” cengtéh bari ngasongkeun iPad sanggeus nyimpenan heula bahan tulisan meunang nyutat ti internét. Kop, dicokot. Gidig kajero kamar. Blug panto nutup.


Gupraak… gupraak.. gupraak.

“Kunaon Mah.?” Kuring ngarénjag. Hariwang.

“Cucunguuuk…” Sora ti jéro kamar. “Heg, siah!” Gupraaak!**

 
 
 

Comentários


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page