top of page
Blog: Blog2

CIKOPI PABEUBEURANG

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 15, 2019
  • 1 min read

Updated: Jan 1, 2020

“Manéhna. Pangmawakeun topi kadieu!” ngagorowok ka pamajikanana nu keur di tukang.

“Har, geus hayang kopi deui. Euweuh!” nu némbalan teu éléh tarikna.

“Baruk, baseuh? Lain geus garing?”

“Heueuh batuk. Meunggeus bisi gering!”

“Kajeun atuh. Teu pati panas ieuh!”

“Meni keukeuh. Gulaan?”

“Nanahaonan maké jeung duaan. Pira néang kang Apit. Pajar heueuh cenah gering!”

“Heueuh nyaho kami gé. Pait teu digulaan mah. Gulana beak!”

“Enya soak. Ragrag tina tangkal kawung. Keur nyadap!”

“Ku ngarareunahna nitah ka warung. Sakeudeung. Kagok keur ngagoréng!”

“Heug atuh ari hayang bareng mah. Nam ditungguan!”

“Teu balég nya, aki-aki téh. Goréngan jang dahar. Mangkélanan!”

“Lah, teu kudu dangdan. Buru buru wé. Beurang teuing!”

“Baku ari aya kahayang téh. Teu sabaran pisan.”


Teu lila pamajikanana kaluar. Bru, bru neundeun goréngan hareupeunana. Gidig ka hareup.

“Kamana?” manéhna olohok.

“Ka warung!” bari kurawed. Ngagedig.**

 
 
 

Comments


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page