top of page
Blog: Blog2

NGĖSANG TEU NGĖSANGAN

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 15, 2019
  • 1 min read

"Hampura nya. Aya jadwal di tempat séjén."

"Mangga. Keun diwartoskeun," laju tamuna ngaléos, semu hanjelu.

"Ari Abah. Ngabéjaan nyantek pisan. Pimanaeun bisa néang gantina." Pamajikanana rada ngaherengan.

"Alaaah..., pipilueun teuing. Kumaha itu wé." manéhna ngagebès.

"Pédah amplopna leuwih gedé?"

"Héh, ariteun téh. Kumaha Abah," pokna rada molototan.

Dibaturan ku Si Mamang, geuleuyeung maké mobil kijang, di pasosoré nu caang. Indit ka tempat hurung-hèrang, nedunan pangulem béntang. Nu cenah amplopna umuran panjang.


Patalimarga beuki macét, nyanghareupan lebaran nu geus déét. Nu baralanja kadéngé récét. Késangna geus luut-léét. Kabawa suasana lokétna nu geus lépét.


"Aya naon Mang?" Waktu mobilna ngadadak eureun.

"Ban, Pa Ustad," bari gancang néang. " Beu, sérepna gé bocor." Gorowokna ti tukang.

"Astagfirulloh. Na teu tarapti? Jig, gancang uruskeun!"


Rigidig Si Mamang ngingkig, dituturkeun ku haté nu mimiti ngagibrig, sab waktu geus nyedek ka magrib. Teu lila kadéngé adan, manéhna ukur bisa gegerenyeman. Kasawang, moal kasorang. Manehna ngusapan késang.**



 
 
 

Comments


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page