CARITA NU TEU KACARITAKEUN
- Donny Jatnika
- Dec 13, 2019
- 1 min read
“Jadi moal nurut?” kuring mimiti heuras.
“Teu sudi.” pokna tatag.
Beu ingah. Naha kieu jadina? Jadi malik. Milu mirucaan teu bener.
“Inget ka purwadaksi.” céngtéh. “Diiangkeun ngalap sagala élmu téh méh kuat. Sangkan jadi taméng jang rahayat.”
“Justru éta. Mun nuturkeun kahayang manéh, iraha aing manggih kasenangan?.”
“Caritana teu kitu.”
“Tong ngomong soal carita. Aing boga carita sorangan. Geus kanyahoan tungtungna éta mah. Ngagantung.”
“Awas siah. Ditarik deui élmuna.”
“Hahaha... manéh poho. Aing dibéré élmu rasa jeung nangtukeun pilihan. Aing boga kahayang sorangan.”
“Gandéng siah!”
Asa diléléjokeun pisan. Tapi bongan kuring, méré élmu tanpa tanding. Tadina hayang teu lieur teuing mikiran ka hareupna. Tapi kieu jadina. “Awas siah. Pangarang mah boga kakawasaan.” Kop, kana pulpén jeung naskah carita, rék nyoretan bagéan-bagéan nu pibahayaeun.
“Teu bisa.” cenah.
Kep, pigeulang aya nu nyekel, ditongtak disakalikeun. Blus, kuring diasupkeun kana carita. Gajleng manéhna kaluar. “Hahaha... rasakeun siah,” bari ningalkeun kuring, kakurung dina carita.**
Commentaires