KAPAHUNG KARUMASAAN
- Donny Jatnika
- Dec 13, 2019
- 1 min read
Les. Laleungitan. Mongklèng.
Lalaunan mukakeun panon. Rut-rèt sakurilingna. Beungeut-beungeut aralum. Kuniang. Karasa harampang. Anèh. Raga nu pasiksak geus euweuh tapakna. Karasa ngalayang. Mingkin luhur..., mingkin jauh ninggalkeun lemah. Ninggalkeun sakumpulan Jiwa nu melang. Ninggalkeun mangpirang kahariwang. Kolèang. Ngalayang tengahing kaningnang. Panon museur ka nu ngempur gugurilapan. Jiwa katarik, kabawa pangharepan. Bleg hareupeun. Dedegan nu asa-asa siga. Ngeureunkeun lajuna jiwa. Nyekel ku teuteupna. "Saha Anjeun...?" Sorana handaruan. Meupeuskeun kasimpè. Ngagederkeun jantung. Leuleus taya tangan pangawasa.
Saha kuring? Saha...? Panalèkna teu kajawab. Pikiran mulang ka lalakon nu geus kasorang. Karasa ilang. Bleng. Beuki sumpek. Keketug mingkin rosa. Peurih. Sèsèredetan. Seseblakan. Manteng di puseurna peteng. Saha kuring? Saha kuring?
Lapat-lapat ngelemeng nu tinggurilap. Buburicakan. Ngadeukeutan. Mangpirang gambar tingbelesat. Pasulabreng. Bruh-brèh gambaran tapak lèngkah nu kalampah. Bodas hideung kulawu. Gambar-gambar ngalalakonkeun nu ngalalakon. Kuring. Saha kuring sabenerna? Saha? Teu kajawab.
"Gusti...!" batin jumerit marengan kasadaran nu nyaliara kana rasa. Nurihan. Nambah peurih nu karumasaan.**
Comments