TIM 11
- Donny Jatnika
- Dec 13, 2019
- 1 min read
Wanci janari mangsana takbiran. Di hiji tempat, gigireun makam.
“Pasukan..!” Hiji sora tatag.
“Siaaap…!” nu sawelas, kompak.
“Omat. Ieu riung panungtung méméh prung. Operasi, minus lima jam. Bubar sarolat,” ngarandeg sakeudeung, “Tim Radar!”
“Siaaap!” Tilu urang narangtung.
“Posisi di tilu tungtung jalan. Wétan, kulon, kalér. Giring sasaran, kirim ka Tim Lancar. Ati-ati waktu mulangkeunana. Sok aya kajadian!”
“Sip!” Tiluanana ngacungkeun jempol.
“Tim Lancar!”
“Siaaap!” Tilu urang nu lain ngadeukeutan.
“Bawa sasaran ka lokasi. Anteurkeun deui ka tim radar enggeusna. Kadé bakal loba jelema!” Arunggeuk bari ngajarempol.
“Éksékutor!”
“Siaaap!” Opat urang langsung siap.
“Sing tarapti ngasupkeun jeung ngaluarkeun sasaran. Kadé aya kaleungitan. Saurang dina motor,” bari nunjuk sala-saurang. Nu opatan ka tempatna déui.
“Tah bawa hiji séwang,” bari ngaluarkeun pakakas tina kantong. “Manéh Udin, bagéan intél. Bisi aya kajadian lain, lapor ka markas,” bari ngasongkeun. “Kadé ulah ngeheureuyan tukang kembang. Dulur aing, tatéh.” Udin nyéréngéh saméméh nyokot piriwit bagéanna.**
コメント