BONGAN
- Donny Jatnika
- Dec 15, 2019
- 1 min read
Enya salah kuring. Kajadian baheula, kajadian deui. Bener ceuk kolot, moal pibenereun. Manéhna angger dina adatna. Najan enya gé lain kahayang, kuduna mah jadi résiko babarengan. Budak résikoaneun. Asa keuna paribasa, dikungkung teu diawur dicangcang teu diparab. Untung aya nu haat, tempat minangsaraya. Nyukupan sagala kaperluan. Najan meureun aya niat lain. Ah, sabodo teuing. Bongan.
Henteu. Tadina euweuh niat lain. Éstuning kajurung ku nyaah, ras ka budak sorangan. Manéhna téh can waktuna bumén-bumén. Tibabaranting sorangan. Diculjeunkeun ku salakina. Meureun pédah kawinna kapaksa. Tapi lantaran kasebutna deungeun-deungeun, teu wudu aya rasa nyaliara. Nepi ka kuring yakin, najan teu kudu diyakinkeun, budak 'na jero beuteungna, lain ti sasaha. Ah, rék lah-lahan, dipénta. Bongan.
Reuwas ogé. Aya nu ménta pamajikan, jang pipamajikaneunana. Dikitukeun mah, kaluar jiwa kalalakian. Ngan nempo umur kakandungan pamajikan, kuring asa teu rumasa. Keur meujeuhna ampleng-amplengan. Ah, rék dihempèkkeun wé. Tapi kuring teu bisa ngomong, waktu dipénta tanggungjawab ku nu ayeuna. Geuning manéhna, pimitohaeun. Bongan.**
Comments