MATAK KEUEUNG
- Donny Jatnika
- Dec 13, 2019
- 1 min read
Geus sababaraha poé, mindeng kadatangan ku nu geus maraot, di téras tukang. Tempat biasa kuring niis. Kamari, kadatangan aki nu geus puluhan taun kaliwat. Mangkukna, awéwé salembur nu ngagantung manéh. Gugulantungan dina tangkal nangka. Létahna elél-elélan. Can lila, tkw nu dihukum pancung. Kukulintingan bari ngéngélék sirahna. Jeung réa-réa deui. Asa jadi kareueung.
Kotka ngalenyap, keur ngeunah niis kadatangan sobat nu ngumbara di kota. Belenyéh, ngajak seuri bari gugupay, terus nyampeurkeun. Barang rék ditanya, kaburu inget. Apan manéhna gé geus maot. Ragrag basa menerkeun tower di pagawéanana. Gancang pindah ka hareup, sakalian mariksa. Siga aya sémah.
Teu nyalahan. Nyampak kang Somad keur uplek ngobrol jeung pamajikan. Nyel ambek. Geus mindeng kadéngé, maranéhanana sok babarengan, satukangeun kuring. Ngan tara dihaminan. Can kaparengkeun manggihan. Hayang ngababuk duanana, nempo kieu mah. Siga nu nangtang. Ngan rék sapok-pokeun nyarékan, pamajikan nyarita, "ké antosan patpuluh poéna pun lanceuk atuh kang." Cenah bari seuri.**
Comentarios