top of page
Blog: Blog2

SI ÈTA

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 13, 2019
  • 1 min read

Mimitina ngarasa keueung, aya nu niupan punduk. Lila-lila biasa. Bakating ku mineng, datang kawani. “Cicing siah!” Kuring aral. Orokaya tambah ripuh. ‘Si Èta’ niupan barang-barang luhureun méja mun Kuring keur konsèntrasi. Teu kaur bébérés, paburantak deui. Ide-ide kabawa ngapung.

Sakali waktu keur ngaroko. Serebung haseup. Hiuk angin kana beungeut. Haseup roko asup kana tikoro. Nyelek. Panon peurih. “Kurang ajar siah.” bari malédogkeun piriwit nu nyampak. Belewer. Reg, eureun. Piriwit kakalayangan.

Priiit! Priiit! ‘Si Èta’ niupan teu eureun-eureun. Tambah jangar. Rikat dité, lep disakuan, lumpat kaluar. Prét, prét, disadana robah. “Ngérakeun Siah!”. Piriwit dijejek, dikekesek. ‘Si Èta’ ngambek, niupkeun runtah-runtah jalan. Kuring pakupis, hut-hét sibuk sorangan. “Nyingkah Siah!”

Lar tukang putu ngaliwat. “Tulung Mang!” manéhna ukur ngarérét, nyéréngéh. Reg, panarajang eureun. Plak-pluk runtah maruragan. Kuring taki-taki. Serangan teu datang deui.

Bari ngatur napas, mencrong tukang putu nu ngajauhan, lila-lila ngaleungit. Sora jujuitanna beuki tarik. ‘Si Èta’ meunang cococoan anyar. “Indit siah!”**

 
 
 

Comments


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page