top of page
Blog: Blog2

MEULI KABUNGAH

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Feb 23, 2020
  • 1 min read

Updated: Mar 20, 2020

Kuring ukur olohok waktu dunungan nyebutkeun pangajina. Pikiran mah teu kabawakeun ku pikiranana nu keur cacarita kaditu-kadieu. Teu kabadanan. “Lima satengah milyar,” cengtéh padu disada.

“Enya. Lima satengah milyar.” Pokna negeskeun. Cakakak manéhna seuri, bangun nikmat. Bungah, nempo kuring nu geugeumeueun ngajauhan lauk Arwana Platinum. Lauk kareueusna. Kuring milu seuri, bungah. Lain, lain pédah kataji ku caritanana, tapi lantaran geus bisa méré kabungah ka manéhna. Kuring jeung manéhna pada-pada bungah, najan béda caritana.


Sanggeus méréskeun pagawéan hancaeun panitahna, amitan. Sapanjang jalan, kuring ngawawaas nu kaalaman bari rus-ras ka nu di imah. Nyimpang ka warung, mawa dahareun saperluna, jangeun boroeun. Taureun minggu hareup mun geus bayaran.


Datang ka imah pada muru, babawaan dibongkar bari gup-gap laju cacamuilan. Kaciri saregut, sababaraha poé teu manggih dahareun. Barungah. Kuring bungah, bisa méré kabungah poé ieu ka nu di imah. Jadi ras inget kana lauk arwana, mun seug...**


https://samudrajatnika.wixsite.com/jatnika-smart


 
 
 

Comentarios


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page