top of page
Blog: Blog2

PUNTEN TIASA NGAWAGEL SAKEDAP

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 15, 2019
  • 1 min read

”Kumaha pangaruh linguistik kana Sastra Sunda? Ti kawit iraha sastra sunda aya? Kumaha visi misi ka payunna?”

“Ih duka teuing Néng. Naha naroskeun téh éta waé? “ kuring malik nanya.

“Patarosan dasar ti Pa Dosén.”. Jawabna.


Tah ieu. Gara-gara Kang Irman, babaturan nu jadi dosen maranéhanana, fikminer fikminer tibuburanjat, arap-ap eureup-eup, malah sawaréh mah kahayangna lumpat. Ngejat. Aya ogé nu api-api sibuk waktu disampeurkeun rombongan mahasiswa :”Punten, tiasa ngawagel sakedap.”


Jadi selebritis dadakan. Diudag puluhan mahasiswa, leupas tina hiji rombongan, dipegat rombongan lain. Diperekpek patarosan. Atoh, reuwas jeung gegebegan, sabab ditanya ku rombongan mahasiswa sastra. Boro-boro bisa ngajawab, istilahna ogé anyar ngadéngé. Lamun ditanya dosénna mah, cukup ngajawab “Jempoool Kang…”


Tapi aslina, gara-gara kajadian éta, aya kesan nu hésé dileungitkeunana. Najan kasono ka para kanca fikminer teu pol kacacapkeun, bengkeutan rasa antara para kanca asa leuwih pageuh. Ngarasakeun pangalaman nu sarua, kahayang nu sarua, kahayang nu sarua. Sura-seuri paur waktu ditanya :”Punten, tiasa ngawagel sakedap.”**



*Catetan énténg tina Cula Kalima, Taman Budaya Jawa Barat, Dago Bandung. November 2016.

 
 
 

Comentarios


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page