top of page
Blog: Blog2

REUGREUG

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 7, 2019
  • 1 min read

Updated: Dec 12, 2019

"Tingal geura, kang. Pangling nya," bangun reueus manéhna némbongkeun. "Saha heula nu ngadangdananna," pokna neruskeun. Kuring ngarérét nu ditunjukkeun. Tungkul kaéraan. Emh, bener ku parigel manéhna kana dungdun-dangdan. Bubuhan karesep ti keur lalagasan kénéh. Asa beuki parigel. Komo mun ngadangdanan pangantén. Resep cenah, mun hasilna nyugemakeun. Seug komo ayeuna, panganténna istimewa.


Gék, calon pangantén gigireun. Kuring maling rérét. Emh. Abong geulis dasarna. Gorolang, kuring ngagalantangkeun ijab. Karasa lancar. Bubuhan lain kakara. Jeung saenyana, kuat ku niatna. Ditéma ku sora sah, saur manuk. Terus meunang pangbagéa ti saréréa. Kaasup manéhna. Teu lila, hajat réngsé. Sukuran alakadarna. Kasaluyuan babarengan. Paribasa éra, kawas nu kakara waé.


"Cios, liburan téh?" bari mérésan asesoris pangantén, manéhna nanya. Pangantén awéwé ngarérét, belenyéh imut.

"Mung saminggon." bari tungkul, siga nu asa-asa.

"Sing jongjon. Keun, barudak mah di dieu. Sareng Tétéh."

"Haturnuhun, Téh."

"Aya nanaon, nyarios wé. Tétéh apal persis ka akangna," bari ngarérét kuring, terus ngaléndéan. "Komo basa peuting munggaran. Kabayang kénéh," jeletot nyiwit cangkéng.**

 
 
 

Comments


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page