top of page
Blog: Blog2

HALIK, KU AING!

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 6, 2019
  • 1 min read

Updated: Dec 12, 2019

Lain kunanaon. Kesel. Hapé hapé kitu, gampang meuli deui, najan seuseut gé keur meulina. Tapi data nu di dinya, kabawa kabur. Mugagkeun pagawéan. Disikat ku copét, bari jeung ku batur mah moal kapaké. Awas, mun panggih. Dipepeg. Jeung pangpangna mah, asa diwiwirang. Ongkoh kangaranan Satpam, bet kacopétan. Ngagejrétkeun wibawa. Ku teu ari-ari ari jelema, ka masjid ngadon nyopét. Ingah panasaran, rék ditéang deui. Kabeneran geus manggih jumaahan deui.


“Copét...!” cengtéh basa nempo jelema lenga-lengo terus ngaberetek bari nyenyekel hapé, bubar jumaahan. Kawasna lain urang dieu. Kek, pada néwak. Kacerek ku saréréa.

“Tah, siah. Beunang.”

“Naon, Pa?” manéhna rungah-ringeuh.

“Cicing. Tong loba omong. Ngaku!”


Gurudug gurudug, digusur ka pos. “Sia copét. Rék kabur, siah.” manéhna pupurungkutan, kasieunan. Watir kituna mah, tapi inget kana kajadian minggu tukang, hayang sagampleng-gamplengeun.

“Ngomong, siah. Sieun?” manéhna beuki ngadégdég.

“Sieun naon?”

“Sieun ku khotib,” cenah bari nunjuk tulisan di panto masjid. YANG MEMBAWA HP HARAP DIMATIKAN.**

 
 
 

Comments


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page