top of page
Blog: Blog2

RONGGĖNG SABEULAH

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 2, 2019
  • 1 min read

Updated: Dec 12, 2019

Oncor geus lila hurung, kendang meujeuhna ngemprung, aweuhan mingkin ngagembrung. Nyi Ronggéng ngibing dina haleuang nu mawa ningnang, dina igel nu lain 'nangtang'. Ngigelan kahirupan ngéngklakan jaman. Gerak tincak tingsariak, matak nyeblak. Taya kendang anu labas, taya goong anu kosong.

Carécét nutupan beungeutna, teu ngurangan komarana, anggur nambah panasaran nu barelang. Hayang nyabadanan ronggéng mencéngés, lir inten dina sarangka runtah. Béntang kariaan nu tara diliwat tayuban.


Gajleng datang saurang turun kalang. Gejlig, meuyarkeun patandang nu ilang wawanén kalindih jajatén. Nyi Ronggéng anteng dina wirahma, panon seukeutna neuteup ceuceub sakuriling. Dina paningalna badis leuweung, diriung rupaning sato pikagilaeun. Anjeunna ngatur ambekan nahan angseuan. Bau hangru, bangké, arak nyegak nurihan pangambungna.

Bray beunta, anjeunna ngajerit.

Maung nu ngaréngkénék hareupeun rék nyawél susuna.

Émut kasauran Ama basa mimiti ninggalkeun padépokan, "Nyai. Lamun hidep panteng dina panguji geusan mesat diri, Insya Allah taun kadua bakal seukeut pangangseu, taun katilu baris awas permana tingal."**

 
 
 

Comments


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page