top of page
Blog: Blog2

PEREMĖN KARĖT

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 8, 2019
  • 1 min read

Updated: Dec 12, 2019

Can lila nepi ka tempat tujuan, budak hayang ka cai. Teu kuat cenah. “Matak gé tadi ulah milu. Jig ka ditu. rada jauhan saeutik!” cengtéh. Basa kuring jeung babaturan mancing di leuwi panjang.


Sabenerna mah budak téh teu matak ngaganggu, ngan karunya. Bisi keseleun. Maklum ngaranna mancing, sok anteng sorangan. Komo mun keur ngadodoho lauk rék nyanggut. Lat wé.


“Waaah…, gedé,” kuring surak, basa kukumbul mimiti oyag-oyagan. Leeep. Nyed, dicentokkeun. Gurubug. Karasa bedas. Teu salah. Diulur…, ditarik. Séréng ka kénca, séréng ka katuhu. Dianteur kahayangna, diala béak tanagana. Asa keur ngadu langlayangan. Geus karasa leuleuseun, kakara ditarik. Giriwil.


Kabeneran geus beurang, lauk diasakan. Dibeuleum, dikécapan. Asa nikmat. Lauk béak kari bagian jerona. “Wah keur ngendog!” nempo palebah eusi beuteungna nu bucitreuk. Gancang dihuapkeun. Pangabeuki pisan. Dirasa-rasa bet cepel jeung liat. Rada pait. Gancang dipariksa. Horeng peremén karét nu tadi peuting kaseglong ku budak, pindah kana beuteung lauk, waktu tadi dipiceun. Ayeuna kadahar deui.**


Poto tina internet

 
 
 

コメント


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page