top of page
Blog: Blog2

PAGELARAN PAMUNGKAS

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 7, 2019
  • 1 min read

Updated: Dec 12, 2019

Datang ka lobby, nyampak suwung kawas sasari. Bus ka auditorium. Pagelaran keur lumangsung. Milih korsi lempengan panggung, balkon kadua. Rut-rèt. Ngimeutan pamaèn. Museur kanu ngahitar. Wanoja lenjang, buuk panjang.


Jentrèngna hitar dina lagu 'Concierto de Aranjuez' nganteurkeun ka mangsa samèmèhna. Taun kadua kuliah. Panggih munggaran mahasiswi ESMUC di Plaza Catalunya. "Por què me mera...?" Pokna ngarèrèt. Tamba èra keur ngakur-ngakur panonna jeung partitur, memener skètsa nu keur dihanca.


Tepung matuh, patarèma rasa, pakait ati, ngajadi trèsna sawirahma, najan bèda bangsa.

"Ten cuicado si usted no viene!" ngeukeuhan nyaksian pentasna. Gran Teatre del Lliceu.


Sora èmprak muyarkeun sawangan. Pentas lekasan. Gura-giru turun. Rurusuhan muru 'backstage'. Unggal rohang ditèang. Unggal jalma ditataan. Teu manggih jawaban. "Seňorita...! Seňorita...!"


Geus ratusan kali datang nèang, mawa rasa kahariwang. Saprak meunang bèja manèhna kakonci di rohang waktu gedong kahuruan. Harita keur mangprung rurusuhan, mobilna ngolèang ka walungan Llobregat. Duapuluh taun katukang.

"Quiero estar contigo esta noche."**



Catetan :

* Concierto de Aranjuez ; salah sahiji komposisi lagu instrumental jang hitar. Ciptaan Joaquin Rodrigo.

* ESMUC ; Escola Superior de Musica de Catalunya.

* Por que me mera?; Kunaon neuteup ka abdi?

* Ten cuicado si usted no viene ; Awas pami teu sumping.

* Gran Teatre del Liceu ; salah sahiji gedong konser. diwangun 1847 - 1862. KUngsi kahuruan dua kali. 9 April 1861 sareng 31 Januari 1994

* LIobregat ; walungan di Catalunya, panjangna 170 km.

* Quiero estar contigo esta noche ; kuring hayang bareng jeung anjeun peuting ieu,

 
 
 

Comments


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page