top of page
Blog: Blog2

CODE BLUE

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 7, 2019
  • 1 min read

Updated: Dec 12, 2019

Layung mimiti surup. Lampu-lampu, bruy-bray. Gedong-gedong nu tingjungkiring. Tingsuruwuk, meulah langit. Jauh di handap, patalimarga keur meumeujeuhna. Tingsurungkuyna mobil-mobil, raéngna klakson, luh-lahna nu ngudag lampah. Jalan pajurawet, tingkarelip, meulit kota. Ėndah disawang, seunggah nu nyorang. Sabalikna di jero rohang, tenang, najan lain dipikahayang. Galindeng lagu, nungkup sora-sora kulawu. Rohangan métropolis, dipapaés asésoris gaya sélébritis, karasa tiis. Réplika kapal Oasis, ukur jadi ciri kungsi. Harita, mun hayang lunta, kari ménta.


“Dokter sumping, Ndén.” Si Bibi ngagerendeng, nunda poto nu dicepengna. Panonna nuturkeun suster. Poto éta, hiji-hijina pangbeberah, ogé jadi cukang. Nu maksa balik ka imah, tibatan katalikung di rumah sakit. Hayang tumaninah. Poto anak, nu jadi diantara puluhan pianakeun nu teu dijadikeun. Mangsa mangprang mangprung, ngambah dunya tapi poho purwadaksi.


“Kumaha, Dok...?” suster mencrong dokter.

“Code Blue.” Pokna, ngadeukeutan ‘Monitor Pasén' gédéngeunana. Kuring nuturkeun ku rérét. Mapayan kabel-kabel nu pakuranteng tina awak.


‘I’ve been in paradise but I’ve never been to me’, galindeng Charlene hawar-hawar.**

 
 
 

Comentarios


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page