GALINDENG CINTA
- Donny Jatnika
- Dec 9, 2019
- 1 min read
Updated: Dec 12, 2019
Teuing timana ngamimitiana, 'Love Story' Andi Williams medarkeun cinta. Datangna teu ngahaja, geus diguratkeun dina rasa didituna, ‘Duriat’ Darso ngajéntrékeun. Ngadéngé ngaran anjeun basa mimiti wawanohan, haté ngageter. ‘Cinta’ Vina Panduwinata ngébréhkeun bari ngaléndéan. Saréréa bisa nempo, aya parobahan, teu siga sasari. Galindeng 'First Love' Nika Costa semu éra. Cinta téh nyata, ‘Love’ John Lennon negeskeun.
Saméméh panggih jeung anjeun, Maé, haté ngajérit alabatan Freddy Mercury waktu néangan ‘Somebody To Love’. Matak teu anéh lamun Titik Puspa réla ngudag ‘Cinta’ nepi ka Gurun. ‘Love Me Please Love Me’ Michel Polnareff ngahaminan nu kaédanan.
Katrésna akang salanggeng ‘Endless Love’ Lionel Ritchie jeung Diana Ross. Ngan anjeun nu ngeusian haté. Lalakon urang bakal mulus, Maé. Teu perlu susulumputan nuturkeun Romeo jeung Juliette atawa Qais jeung Layla nu teu dipikarido kolotna. Moal teu kahontal kawas Sangkuriang jeung Dayang Sumbi nu kapahung waktu..
"Moal Maé! Moal aya nu bisa ngahalangan urang. Sanajan Indung anjeun, ayeuna jadi pamajikan akang."**
Comments