top of page
Blog: Blog2

RUHAK ANGKARA

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 6, 2019
  • 1 min read

Updated: Dec 12, 2019

Di jero saung. Hiji waruga begung. Dikaway wungkul, ngadaweung bari ngelepus udud. Buukna ipis, huis ngulawu. Kulitna geus karijut, tulang malulu. Nampeu ka buruan. Ngalayung. Kalan kapireng humariring, ngahaleuang. Silung. Gumalindeng. Pulang anting dina katineung. Rus-ras ka mangsa kaliwat. Kumalangkang.

Hareupeun saung. Durukan ngabebela. Bangun hayang ngaduruk peuting nu jempling. Hayang ngaduruk lalancip-lalancip angin. Manéhna teu eureun nambahan suluh. Ngagarabyag. Mabra buruan saung. Tingbeletok suluh awina. Silalatu nyieuh-nyieuh cicika. Isukan.. gerentesna ketir. Rét ka jero. Haténa ngageremet. Napsuna beuki ngagedur. “Kuwu èdan!” Bruh-bréh kajadian sababaraha taun kaliwat. Opat durjana tingcakakak ti jero kamer indungna. Harita. Enya harita, manéhna teu walakaya. Diréréjang ku sababaraha urang. Dianggap gélo kunu édan. Diusir ti imahna. Diusir ti désana. Ninggalkeun sagala rajakayana. Dipaksa ragrag ka Emangna. “Kuwu édan!” gerentesna. “Isukan…, kari kumaha isuk..” laju cengkat. Sup ka jero bari mariksa pakarang pusaka meunang nyiapkeun sababaraha poé ka tukang.**

 
 
 

留言


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page