top of page
Blog: Blog2

ASMARA KASEUNGHAK

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 5, 2019
  • 1 min read

Updated: Dec 12, 2019

Villa di mumunggang pasir. Warna bodas, dipapaès batu-batu tèmplèk, dihateupan kentèng beureum. Agrèng. Pakaranganna resik. Dipinuhan rupa-rupa kembang. Nyanghareup lamping. Lebakeunana jalan rual-rèol. Mobil-mobil tingsurungkuy tina sela-sela camara. Pucuk-pucukna tinggarupay. Angin gunung nyelesep diantarana.


Wanci kasorènakeun. Manèhna masih anteng di tepas villa. Nyomboan wanoja anyar dipiwanoh. Teu lila carengkat duanana, marengan hibarna layung. Leumpang pagèyè-gèyè. Nyangkèh cangkèng.


"Nyanggakeun, Kang." ceuk wanojana, halon. Ngalèndèan lalakina.

"Hatèna kantunkeun, nya?" tèmbalna bari mèsem. Neuteup geugeut.

"Iiih...," bari ngajembèl cangkèngna. Nyarandèkeun sirah, luk tungkul. Teu sanggup ngalawan teuteupan lalaki pujaan ati. Nu sanggup meruhkeun hatè. Ngalalanakeun asmara. Nu ngabogaan panon seukeut, leuwih seukeut tibatan balati. Sumerah.

"Hmmh..." Manèhna ngusapan buuk nu nyarandè, diseuseup. Bus kajero duanana.


Bari mawa hatè meunang nurih. Masih seger. Beresih tina codèka. Manèhna asup ka hiji rohangan. Tempat mulasara hatè. Ninggalkeun wanoja teu walakaya. Bray muka lomari. Brèh welasan toplès. Bareureum. Anteng neuteup. Ngabayangkeun ni’matna ngadèngè nu ngocèak. Nyèh imut. Dituturkeun kalangkang tingraringkang tukangeunana.**

 
 
 

Comments


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page