SKĖTSA DI TENGAH KOTA
- Donny Jatnika
- Dec 9, 2019
- 1 min read
Updated: Dec 12, 2019
Karék engeuh basa asup ka emol. Jelema téh nutur-nutur waé. Kuring eureun, manéhna ngarengkog. Gentak maju, manéhna tibuburanjat. Laporkeun ka satpam kitu? Tapi naon salahna? Ah, kajeun kétang, kari kumaha engkè wé.
Bus, ka toko sapatu. Manéhna nuturkeun, api-api milihan. Pindah ka tempat baju, saruana. Hayang seuri mah di tempat pakéan awéwé, kuring milihan béha, manéhna rampang-reumpeung nyenyekel calana jero. Ragab, meureun.
Saha atuh éta téh? Asa can kungsi panggih. Dipapay ti mimiti batur sakola baheula nepi ka lulusna, teu kabayang saeutik-eutik acan. Dulur, tatangga, baraya, batur digawé nepi ka urut kabogoh. Lebeng. Éstuning anyar panggih. Tapi, sabodo teuing lah, tinggal ngajerit wé aya nanaon mah, naon héséna.
Di kasir. Manéhna babayar balanjaan nu sarua. Hayang nyaho aingah. Sup ka toilet. Piraku sugan. Ngahaja dilila-lila, bari ngadédéngékeun. Rék dibongohan. Na atuh. Barang kaluar. Manéhna masih ngajanteng. Angkaribung.
Ngawani-wanikeun kuring nanya rada sesentak "Kunaon nutur-nutur waé?" cengtéh. Manéhna ngarénjag, ulungah-éléngéh bari peupeureudeuyan, runyah-rényoh méméh nyarita, "Naon cing?" Pokna.**
Comments