top of page
Blog: Blog2

SACEPLAK KADUA PELETRAK

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 5, 2019
  • 1 min read

Updated: Dec 12, 2019

Beuh! kawas nu rék kadahar waé barang-beuli téh. Angger.

Ukur duaaneun, méja kotka ngabarak. Guramé, iga bakar, pais hayam, tutumisan, goréngan-goréngan, lalab-sambel. “Sok tipayun Kang,” cenah. Manéhna mah ngarongkong hapéna. Narima telepon laju ngobrol, haharéwosan. Tina paroman jeung rindatna, kajudi kamana losna. “Punten nya,” pokna terus marengan sanggeus nyimpen deui hapéna. Ngomong nyoroscos teu eureun, bari pepeta.

Wawuh dina hiji acara. Mimitina mah ngobrol biasa. Lila-lila bruk-brak kamana-mana. Tungtungna pada-pada nyimpen rasa. Salakina rada lénggér cenah. Gunta-ganti kabogoh. Geus sabaraha boa!. “Kurang naon abdi?” bari leungeunna diranggahkeun, ngangkat tak-takna saeutik, halisna dikerungkeun. Kuring ngarérét. He-emh cengtéh. Lalaki mana nu teu uruy nempona. Bener ceuk paribasa, jukut tatangga sok katempo asa leuwih héjo. “Keur kagoda ku Si Kunti ayeuna mah,” cenah. Ngabasakeun kabogoh anyar salakina. Rangkebong jeung cawigwig kaciptana téh.

“Sssst…, jempé Kang,” ngantelkeun curuk kana biwirna. Panonna gular-giler. “Salaki ka dieu." kuring rurat-rérét.

"Nyumput heula. Urang labrak.” gentak ngarawél kerah baju kuring, langsung ditarik, dilelepkeun ka kolong méja. Teu lila katempo di lawang panto, lalaki anyar asup. Ngagandéng awéwé. Pamajikan kuring.**

 
 
 

Comments


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page