top of page
Blog: Blog2

LUNCAT DIATUR

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 8, 2019
  • 1 min read

Updated: Dec 12, 2019

“Teu ngarti, ingah. Kumaha pipikiran nu di laluhur,” bari mindahkeun kuda ka hareup.

“Jadi pion teu kudu ngarti. Tuturkeun panitah.” ceuk manéhna. Srog, mindahkeun pion. Mukakeun lawang.

“Méh puguh urusanana,” gap kana kuncung, mundur ka sisi.

“Mikir mah urusan panglima.” Pokna deui. Srog, mindahkeun kuda ka gigir.

“Emh, Bénténg,” bari terus mikir.


Nu maén beuki pogot. Siliserang. Silipentang. Ngadu taktik. Ngadu stratégi. Masing-masing hayang nyiicingan posisi. Dibarengan ku obrolan situasi. Dunya pulitik. Waktu beuki nyedek ka peuting. Ngeleterna sora cihcir jadi pangiring.


“Stér, héhé,” bari majukeun pion saléngkah, ngadahar kuda

“Jadi pion ulah pipilueun teuing. Bisi ditumbalkeun.” Pokna bari mindahkeun kuda lainna ka hareup. “Skak.”

“Anjir. Patih paéh, euy.” Bari mindahkeun raja ka sisi.

“Dina kaayaan darurat, patih kudu daék dikorbankeun.” Pokna. Gap kana kuncung. Srog ka hareup. Nyedek. “Skak.”

“Aah,...”

“Haha. Raja teu meunang aya dua.” manéhna kaciri bungah.

“Kang...?”

“Hahaha....” Seurina beuki tarik. Panonna mimiti buringhas. Sorana handaruan.

“Kang...!”**


 
 
 

Comments


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page