top of page
Blog: Blog2

KEDOK

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 2, 2019
  • 1 min read

Updated: Dec 12, 2019

Mulangkeun panineungan, kuring diajarkeun nyieun kedok. Tina keretas. Keretas urut. Meunang ngumpulkeun ti sakola-sakola, ti kantor-kantor, ti toko-toko. Keretas disoékan, dirapet maké elém. Diakurkeun jeung beungeut. Dipulas kumaha kahayang. Dicobaan. Pas. Terus ngeunteung, kuring puas. Kuring seuri, kedok milu seuri. Kuring anéh, kedok kerung. Kuring kesel, kedok molototan. Kuring atoh. Kedok bisa nuturkeun kaayaan. Kumaha kahayang.


Kuring nangtung, nulak cangkéng. Tutunjuk. “Whuahahaa..!” kedok salin rupa. Jadi Rahwana. “Sodara sodara sekalian!” “Assalamu’alaikum warrohmatullohi wabarrokatuh!” “Yeuh sobat, kieu geura!”.”Wayahna manéh..”. Kuring éngklak-éngklakan, ambek-ambekan, ceuceurikan jeung sagalarupa dipetakeun. Kedok minda-minda rupa. Nyaluyukeun. Bungah.

Kuring muka kedok. Ceplok, irung kabawa. Dipasang deui. Dibuka deui. Ceplok, panon kabawa. Dipasang deui. Dibuka deui. Ceplok, beungeut kabawa. Dipasang deui. Kedok anteng dina beungeut. Embungeun dibuka.


Kuring asup ka rohangan. Tempat kumpul balaréa. Tempat nu dijangjikeun. Tempat ngahijikeun asa. Rohangan, geus loba jelema. Timana-mana. Ti suklakna ti siklukna. Ti sagalarupa jelema. Bréh, kabéh maraké kedok. Saluyu jeung kahayangna.**

 
 
 

Commentaires


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page