POTRĖT
- Donny Jatnika
- Dec 9, 2019
- 1 min read
Updated: Dec 12, 2019
Diluluguan ku pupuhu, diéngklakan ku nu nyepeng kawasa. Bral, viral di kalangan milénial. Saprak dibuka, taman jadi kacapangan balaréa. Pangjugjugan ti unggal juru, panganjangan para nonoman. Asa teu pol mun can ngelol, paribasana. Tina hiji jadi dua, dua jadi tilu, tungtungna jlug-jleg dimamana.
Donna jeung baturna olohok. Taman nu baheula jadi jajahan maranéhanana, kawas teu méré lahan. Rut-rét ka sakuriling, bet asa pangling. Gedong nu tingjungkiring, mobil nu balawiri, dipulas warna-warni, bangun amis kawas gulali. Sapanjang jalan siga nu keur kariaan. “Yéy..., nasib éiyke gimana dooong..?” pokna. “Kita tuntut, Bro..,” bari laleumpang diantara pagaliwota jeung lunggak-linggekna warga kota hareupeun ‘Kaméra Jahat’na. Ngajugjug tempat ngadu, rék ngadakwa tuan kawasa.
Datang ka tempat nu ditéang, salin rupa nyaruaan tempat wisata. Saurang sakitan keur dipariksa Jaksa. “Anjeun, moal bisa ngabalicet. Dina ‘Instastory’ geus kacatet. Ti mimiti otéwé nepi ka dicerek érwé.” Ceuk pupuhu nu jubah ungu motif kukupu. Tok, sakitan narima putusan. Burudul, hadirin muru. Cekrék cekrék, sora kaméra, disusul ngajomantarana poto-poto ditulisan ‘DI TKP’.**
Comments