top of page
Blog: Blog2

RINGKANG KAHARIWANG

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 2, 2019
  • 1 min read

Updated: Dec 12, 2019

“Tos lami?”

“Cekapan”

“Bongan.”

“Iiih…, biasana macét.”

“Nam.” giriwil mawa kantongna, nuyun ka parkiran. Sur-ser rasa diwuwuh ratug jajantung sabot ramo pataréma namplokkeun kasono nu kasidem. Geter tineung nyimbeuh laksaan kadeudeuh. Geuleuyeung motor dipajukeun meulah hawa subuh tapak ngémrat sapeupeuting. “Teu tiasa bobo sajajalan.” semu ngaharéwos. Srod, awakna dikahareupkeun, dua leungeuna meulit. “Emh..., reungitna baong, nya.” cekéng. Jeletot nyiwit.

”Eugh, bilih cilaka.”

“Wios.” mingkin ditarikkeun. Ngahiliwirna angin mépéndé ligarna dua haté, dipinuhan rasa bagja dina galindengna wirahma katrésna. Taya nu nyoara sapanjang jalan, nu nyésa kari rumpaka rasa dina keketug jajantung.

Hujan masih ngeprul, wanci nyedek burit saréngséna acara.

“Teu acan ngagaleuh tikétna?” bari nyangkéh cangkéngna, dampal leungeun dipaké mayungan tamba. Manéhna gideug. Leumpang rada gancang ti parkiran muru lokét.

”Mondok wé di Akang.”

“Heuheuh.., moal ramé?” bari ngadilak. Matak nyeblak.

“Diantos...!” Manéhna ngagupay paturay tina jandéla. Réwuan kalangkang tingraringkang nuturkeun lajuna karéta. Kahariwang teu bisa marengan maratkeun jalan sorangeun.**

 
 
 

Comments


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page