AYA NU KALIWAT
- Donny Jatnika
- Dec 9, 2019
- 1 min read
Updated: Dec 12, 2019
Kuring kasebut lalaki. Nu boga gedè kawani. Najan rupa jeung dedegan, teu siga bèntang kawakan. Mun ka Brad Pitt jeung Nicolas, asa sawelas dualas. Duka teuing ceuk nu nempo. Boa disangka nu gèlo. Ratusan cinta ditolak, saloba buuk nu bèak. Sab unggal usik didudut. Lain pundung ngadingdiut, tapi keur mikir siasat, nepi ka bijil jarawat.
Ayeuna keur kaleleban. Randa ngora geus buntutan. Moal salah ceuk ijiran, bakal jadi panungtungan. Matak daèk bèbèakan. Nahan turu meureut badan. Ngudag sarat jeung sarèat, meuntasan hirup walurat. Najan kudu ngadu urat, mo ngejat najan sagurat. Buruh capè lalampahan, jampè pèlèt jangjawokan, beutina geus kasakuan.
Cunduk waktu hasil ngitung. Saptu di bulan panungtung. Gejlig ngagidig sorangan. Teu butuh ku nu marengan, sabab boga bebekelan. Saparat leumpang di jalan, teu eureun gegerenyeman. Mapatkeun jampè asihan.
Ngajengjen deukeut buruan. Teu paruguh rarasaan. Bet asa hihiliwiran. Pingping tiis kaanginan. Teu lila panto ngulutrak. Torojol nu ngais budak. Colohok langsung ngagoak. "Akang...!" bari meungpeun carang.**
Comments