KEMBANG KEMBANG NU MALUGURAN
- Donny Jatnika
- Dec 5, 2019
- 1 min read
Updated: Dec 12, 2019
Resep upami ngabandungan Mang Barna ngadongéng. Dongéngna rupi-rupi. Aya nu pikabitaeun, nu pikasieuneun, nu pikaresepen, malih ogé dongéng perang. Sok kabita. Hoyong terang ka boga lalakonna. Salian ti ngadongéng, anjeunna ngawurukan ngaos. Nu tadina teu terang nanaon, janten uninga sakedik. Tempatna di tajug. Saatosna netepan asar dugi ka badé magrib.
Sakali waktos, kasumpingan tamu ngaranggo acuk saragem. Katingal dina paromanna, Mang Barna siga nu teu raos. Teu lami anjeunna nyarios, miwarang aruih ka sadayana. Ti waktos éta, Mang Barna tara ngadongéng deui. Unggal disampeur ogé kalah miwarang aruih deui. Anjeunna mah nyalira wé bari beberesih tajug.
Abdi sareng rerencangan kaicalan. Teu gaduh hiburan nu pikaresepeun. Untung ayeuna aya Aa Oman nu ngajak ameng di payun. Nyanyanyian sareng jojogédan. Aa Oman nu ngahitar bari nyanyi, abdi nu jogéd sareng keprok. Upami tos capé sok dijajanan, malih dipasihan artos sagala. Artosna, pamasihan tinu narumpak motor sareng mobil nu lirén caket lampu setopan.**
Comments