CARITA NU KATUNDA
- Donny Jatnika
- Dec 2, 2019
- 1 min read
Updated: Dec 12, 2019
Hujan siga nu ngahanakeun. Mugagkeun. Awak beuki nyéréd, kairisan cihujan. Saung pangreureuhan ngelemeng ti kajauhan. Gura-giru tuturubun. Luluncatan nyingkahan cileuncang, jéket ditiungkeun. Jog nepi. Brug nunda rangsel. Meureutan baju nu baraseuh, ngipris-ngipris buuk. Tumaninah meueusan, ngaluarkeun roko. Maut sabatang. Cekés. Serebung. Nyawang ka jauhna.
Hujan beuki motah. Karérét manéhna nyenyekel pigeulang suku. Pupuringisan. "Tijalikeuh nembé." pokna. Gancang disampeurkeun. Gap. Diusapan lalaunan. Karasa ngahaneutan. Diurut saeutik-saeutik. Mapay kana bitisna. "Jibreg ning..." bari ngangsrodkeun calanana. Manéhna tibang ngarérét. Leungeun hideng. Jarambah kamana-mana. Getih mimiti ngagolak, nyaliara saawak-awak. Jantung teu puguh ketug. Ambekan rénghap ranjug. Papakéan nu baraseuh geus patulayah.
"Tong diteruskeun!" nongtoréng kana ceuli. Kuring rungah-ringeuh néangan sora.
"Meunggeus nepi ka dinya!" kadéngé nyentak.
"Saha nu nyarita...?"
"Aing. Nu dina carita. Gara-gara kajadian éta aing sangsara."
"Urang péngkolkeun," bari ngarongkong gelas.
"Teu sudi. Teu percaya aingah. Cicing didieu!" kewewek awak asa katarik, asup ka tengah carita. Nyésakeun kuntung jeung gegedoh cikopi.**
Comments