NGAJUBLEG
- Donny Jatnika
- Dec 10, 2019
- 1 min read
Updated: Dec 12, 2019
Teu ari-ari, nitah usaha teu umum jaman kiwari. Boro-boro di kota, dalah di pasisian gé hésé payuna.
Indit nyubuh. Leumpang, muru beurang. Kabeneran aya nu mawa, ngajak bareng naék kijang. Isuk keneh geus ngajubleg di kota. Ngajual jubleg di palataran parkir tengah kota, bari cinutrung luhureun jubleg. Tepi ka beurang boro-boro aya nu néang, nu neuleu gé hanteu. Meunang dahar buruh panitah nu léah manah. Cikopi, surabi, roti, minangka pangganti bayaranana.
“Pangmawakeun balanjaan kadieu!” ceuk ibu centil dina mobil ngomatan waktu nganteurkeun gurandil. Gancang ditedunan.
Saterusna jul-jol pagawéan. Ungkat-angkut, gusar-gésér barang balanjaan. Pulang anting ka parkiran. Urang dayeuh embungeun riweuh, barang béré tara ménta pamulanganana, mikeun duit lambaran puluh-réwuan.
Nyedek burit waktu balik, papangih Dén Enur tatangga salembur. Ngajak bareng sakalian butuh batur. Nyimpang dahar di réstoran karesepna. Sarengsena nganterkeun kaimah, manéhna teu poho ngeupeulan.
Haté bungangang. Meunang duit sakaranjang. Dagangan weuteuh duit heueuh. Pamajikan kotka calangap, milu surak bari namprak. “Kang, bade teras ngajubleg nu ieu?”pokna semu nangtang.**
Comments