
NU NGALIWAT TENGAH PEUTING
Geus tilu poé ngadenge deui sora sapatuna, saprak kuring balik heula ka lembur sababaraha lila. Malah pas gigireun kamar, siga nu ngarandeg

DASAR
Taman Kota. Pabeubeurang. Tilu urang anteng guntreng, tinggerendeng. Teu nolih sakurilingna. Tingcikikik. Tingcakakak. Ajrag-ajragan.

HARIRING KEUR NU RUNGSING
“Ulah hariwang, dipulangkeun deui. Salamet.” Pokna teteg. Ngarérét ka awéwé nu titadi diuk saméja méméh maranéhna datang. Ngajak indit.

NU NGĖNGKLAKAN PETENGNA PEUTING
"Lampuna," kuring ngarongkongkeun leungeun. Kep. Pigeulang aya nu nèwak, karasa ditarik. Awak doyong. Tep, paamprok. Ser.

RAPAT PANUTUPAN
Hadirin tingharuleng, sili-rérét. Nu karumasaan. Nu kaéraan. Nu kasieunan. Nu aluman-alimen. Gorolang sékrétaris macakeun

KURING NU LAIN, LAIN KURING
Kuring hareugeueun. Pamajikan ngalempréh, awakna rangkebong. “Barudak dititipkeun ka Uwana.” pokna neruskeun

LAIN NGOMONG
Anggeuskeun heula, kakara ngomong," cengtéh, embung kaganggu. "Indungna deui. Budak kitu dianteur. Pamali.

LAIN MANGSA LAIN TEMPAT
Kaharti sotéh ayeuna. Nempo manéhna siga kuring baheula. Hésé nyaritakeunana. Manéhna kukurilingan, ajrét-ajrétan, gugulitikan.

NU NANGTUNG HANDAPEUN LAMPU JALAN
Lalaunan manéhna tanggah bari ngarérét. Treup, pateuteup. Beungeutna sepa, panon molotot. Teu lila leungeunna ngaheurasan, tipepereket.

KALANGSU
Téng, jam disada, sakali. Bet karasa keueung, teu kawas sasarina. Langsung bébérés. Panasaran, noong ka luar. Gebeg

ANDROID
Barasat, barasat. Cahya tebeh kulon tingbelesat. Barasat, tebeh wetan. Burinyay. Jelegur. Jelegur. Jebred. Sieng, sieng. Beledag.

SI GEPLU
Sajongjongan, Si Geplu nyérangkeun. Gajleng gajleng, ngudag. Gabrug, ngarontok. Plos, beurit ngageblos kana pager. Salamet

NU NGABANGINGIK TENGAH PEUTING
“Gandéng, geus peuting. Ngahariwangkeun batur!” cengtéh bari mencrong. Manéhna ngarérét, rada tanggah. Belengéh seuri,

MARIKSA
Kerewek, nu balanja nyokot hayam. Digulang-gapér bari alak-ilik. Cos, dicolok bujurna. Nu dagang ngarénjag, terus colohok.

SORANGEUN SORANGAN
Kuring unggeuk. Haté ngalenyap ngadéngé sorana. “Ya Allah...” cenah bari mariksa tanda ‘na leungeun. Ukur manéhna nu apal.

PAREUMEUN OBOR
Bus ka rohangan. Solongkrong nu nyampeurkeun. “Geuning terang nuju di dieu?” ceuk wanoja nu teu èlèh geulis. Pamajikan Kuring.

NU HAYANG MEUNTAS
Teu kaharti. Pikasieuneun lebah manana. Unggal nu rék meuntas, kaciri rerengkogan. Boro atoh, rék aya batur. Kalah baralik deui.

HIJJI PEUTING KADUA PETENG
Taman Kota. Tempat pangulinan nonoman, silih pageuhkeun rasa disaksian purnama jeung marakbakna lampu. Peuting ieu,

ARAL
Digulang-gapér, dirugal-rigel kalah pabeulit. Bangkar. Euweuh nu jadi.



















