RAPAT PANUTUPAN
- Donny Jatnika
- Dec 13, 2019
- 1 min read
“Whhuuu…!” saur manuk.
“Sssst… jempé heula. Pupuhu biantara!” Ketua ‘Séksi Wanita’ ngagebés, kop kana martabak.
“Euuu..., paingan awakna ngagibleg. Cacamuilan wéh katempona.” nyelengkeung ti tukang. Nu dihuit ukur nyérégnéh.
“Tibatan didinya. Kérék ti barang datang.” gigireunana némpas.
“Rapat naon ieu..? Ari hasil kamari dikamanakeun?” ‘Séksi Pangwangunan’ ngagorowok.
“Teu kudu loba tatanya.. Nu penting meunang angpaw. Héhé…” ‘Hansip’ mairan bari ngarérétan ‘Bendahara’.
Dijuru, dua pamuda tingkecewis, “Nyamos euy, Mirna teu datang. Ka kota cenah.” Bari ngarongkong kulub sampeu hareupeunana tapi panonna kana surabi.
“Sok geura prung! Lila teuing nugguanana. Bisi dibubarkeun.!” ‘Séksi Kaamanan’ api-api hohoak.
“Whhuuu…!” saur manuk. Rohangan tambah awor. Tingcorowok. Sili-témpas. Sili-hulag. Sili-sindir, diselang ager-ageran.
Tok-tok-tok. Jep.
“Pamajikan déwék gering,” pupuhu ngangkat leungeunna. Nembongkeun botol obat,.“Ngarapatkeun ieu.” song dibikeun ka ‘Sékrétaris’, ‘Bacakeun!”
Hadirin tingharuleng, sili-rérét. Nu karumasaan. Nu kaéraan. Nu kasieunan. Nu aluman-alimen. Gorolang sékrétaris macakeun “TUTUPLAH BOTOL INI DENGAN RAPAT” pokna. “Tah kitu!” Pupuhu nandeskeun. Tok-tok-tok. Palu diketokkeun.**
Comments