top of page
Blog: Blog2

KURING NU LAIN, LAIN KURING

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 13, 2019
  • 1 min read

Turun tina beus, kasorenakeun. Tuturubun leumpang. Angkaribung jangeun boroeun nu di imah. Ngarumasakeun tambélar, taun-taun teu mulang. Lain, lain pédah heureut waktu gejed léngkah. Lunta ka kota dibarengan rejekina, tapi anteng sorangan. Najan kitu, kiriman tara elat, nelepon teu kaliwat. Tapi meureun lain éta.


Gajleng gajleng, leumpang ngaliwatan galengan. Mapay jalan satapak diantara rungkun awi. Nepi ka lembur, teu puguh rasa. Jajantung ratug, haté seseblakan. Ngabangreung. Karumasaan, kamelang, kahariwang. Pagalo. Geus sababaraha minggu teu meunang béja.


Bus ka pakarangan. Muru panto. Bray dibuka, pada ngabagéakeun. Song babawaan. Gup-gap hancenganana. Barudak jaligrah, haté bungah. Kurunyung mitoha, ”Aéh, Abah. Sakedap,” cengtéh. Gancang ka muru warung, nyiar bako karesepna. Teu lila balik deui. Nyampak suwung. Rurat-rérét, tumpa-tempo. Euweuh tapak balatak. Torojol Abah, “Euh.., ujang geuningan,” nyaritana halon. “Meni kacida,” satengah ngagusur ka kamer “Geus aya bulanna Si Nyai teu bisa hudang.”


Kuring hareugeueun. Pamajikan ngalempréh, awakna rangkebong. “Barudak dititipkeun ka Uwana.” pokna neruskeun.**


 
 
 

Comments


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page