top of page
Blog: Blog2

LAIN NGOMONG

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 13, 2019
  • 1 min read

Meungpeung hadé poéna, jaba tanggal ngora, nitah pamajikan masak istiméwa. Ngadon botram di buruan tukang. Ngampar, handapeun tangkal. Itung-itung piknik. Bari bébérés sagawé-gawé di imah.


Pabeubeurang, dahareun geus ngabarak. Kabayang bakal ponyona. Sanggeus capé, disayagikeun kadaharan pangabeuki. Gulé domba, pais lauk, goréng hayam, semur jéngkol, emping, perekedél kentang. Teu kaliwat lalab sambel. Brak, saréréa dalahar. Gup-gap kana karesepna séwang-séwangan. Ngan teu ku hanteu, teu kaur ngahuap, kudu ngalayanan pananya budak. Sagala ditataan.


"Keur dahar, ulah bari nyoroscos. Anggeuskeun heula, kakara ngomong," cengtéh, embung kaganggu. "Indungna deui. Budak kitu dianteur. Pamali," bari teu eureun dahar, mapatahan duanana. Jep, duanana caricing. Teuing ngarti teuing naon. Kuring anteng barangdahar, maranéhanana anteng marelongkeun. Meusmeus rut-rét, siga nu hayang sapok-pokkeun. Kuring jongjon, neruskeun hancengan. Kabéh dahareun teu kaliwat, leungeun sibuk kaditu kadieu. Bari samutut, teu eureun papagah.


"Pok ngomong heula ari moal waka dahar mah," cengtéh sanggeus méakkeun alas gulé tepi ka ledis. "Aya cakcak murag." Méh bareng.

"Mana...,?" bari nempoan alas budak. "Ka dinya..." leungeunna narunjuk kana mangkok nu cikénéh dibéakkeun.**

 
 
 

Comments


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page