top of page
Blog: Blog2

MARIKSA

  • Writer: Donny Jatnika
    Donny Jatnika
  • Dec 11, 2019
  • 1 min read

Updated: Dec 12, 2019

Matak seunggah nu milampah, geus kbayang barécékna tapak digeyer hujan sapeupeuting. Komo keur manéhna. Kudu cicing di pasar. Tapi kajurung ku kabutuh, nya ngawayahnakeun wé. Ngajual hayam hirup.


Ti barang dadasar nepi ka kabeurangnakeun boro-boro aya nu baanja, ukur kabagéan rujit jeung bauna. Matak katempo siga nu aral.


“Aya hayam, Ceu.” ceuk lalaki, teu kanyahoan datangna.

“Euweuh.”

“Ah, Si Euceu mah. Ti Garut, maksadna.”

“Teuing. Teu marawa katépé.” némbalan sangeunahna.

Kerewek, nu balanja nyokot hayam. Digulang-gapér bari alak-ilik. Cos, dicolok bujurna. Nu dagang ngarénjag, terus colohok. Kerewek, kana hayam lianna. Digulang-gapér, dialak-ilik, cos. Ngan kitu jeung kitu ka unggal hayam.


“Nanaonan ari akang?” Nu dagang rada muncereng.

“Mariksaan, Ceu.” Pokna, tonggoy kana urusanana bari nataan ngaran tempat, “Majalaya..., Pameungpeuk..., Banjaran...” kadéngé rada ngagerendeng.


“Tah,...” pokna bangun surak sanggeus sababaraha kali milihan. “Sabaraha ieu?”

“Dua juta.” rada teugeug.

“Ah, si euceu mah, mani kacida,” bari rada ngahéhéh. “Nembéan icalan di dieu nya, teu apal ka abdi.” Nu dagang ukur mureleng.

“Timana kawit, Ceu?” pokna neruskeun.

“Pariksa sorangan.”**

 
 
 

Comments


©2019 kengeng Donny S Jatnika. Dirojong ku Wix.com

bottom of page