NU NGĖNGKLAKAN PETENGNA PEUTING
- Donny Jatnika
- Dec 13, 2019
- 1 min read
Si Enèng, kuring nyebutna. Asa ka budak. Jeung saenyana masih budak. Pakokolot supa jeung budak sorangan. Rumasa budak, manèhna ogoan. Untung geus biasa dipangogokeun ku barudak. Meureun asa ka bapa, itung-itung gaganti nu geus lila euweuh. Sakaligus salaki manèhna. Najan geus jadi pamajikan, ogoan ka indungna jeung lanceukna teu robah. Malah sarèna, sok hayang dibarengan. Teu ieuh ngarasa kagokeun. Saliwatan moal aya nu nyangka, kuring salakina. Komo bari jeung ngabarasakeunana 'Papah', nuturkeun Si Enèng.
"SI Enèng kamana?" cengteh basa balik digawè nyampak suwung.
"Jeung Si Tètèh. Jalan-jalan." Mitoha nandeskeun. Terus pak-pik-pek neruskeun uruseunana. Kuring langsung ka kamer. Cucul-cucul. Beberesih.
"Engkè panggentoskeun lampu kamer!" kadèngè sora ti luar. Sanggeus bareres, muru kamèrna. Nèang. Nyampak poèk, ukur kacaangan ti luareunana.
"Lampuna," kuring ngarongkongkeun leungeun. Kep. Pigeulang aya nu nèwak, karasa ditarik. Awak doyong. Tep, paamprok. Ser. Getih rada nyèak. "Mah..?" Manèhna meulitkeun leungeunna, dirapetkeun. “Ssshh...” neueulkeun curukna kana biwir. "Mamah apal kajadian jeung Si Tètèh." pokna rada ngaharoshos. Mimitina ragab. Aing lalaki. Getih mimiti ngagolak. Rikat suku nojèr panto, bleg! Mongklèng.**
Comments