NU NANGTUNG HANDAPEUN LAMPU JALAN
- Donny Jatnika
- Dec 12, 2019
- 1 min read
Ku teu ari-ari éta jelema, aéh boa kétang. Mapantes manéh, ngajanteng wayah kiwari. Keur paroék téh, tapak digeyer hujan tadi soré. Pantes, euweuh nu ngulampreng. Sasarina mah sok aya wé kadéngé nu laleumpang atawa paling copél tukang saté ngaliwat. Kuring onaman daék sotéh, maksakeun. Butuh ka imah. Pindah ka tempat anyar, teu mawa salin. Harianeun, nu ngalanteurkeun teu mekelkeun.
Manéhna ukur kacaangan lampu jalan. Dedegan sawelas dualas jeung tihang. Buuk ngarumbay nutupan beungeutna, sakapeung ririaban kaanginkeun. Matak seungah neruskeun. Tapi, asa wawuh ka manéhna, sobat kuring. Ngan, panan geus ninggalkeun tiheula. Enya, najan kuring geus lila tara kaluar ti kamer gé, sok aya wé béja nu nepi ngeuanaan sabudeureun imah. Lahaola, cengtéh, rék muguhkeun.
“Kang,” bari nepak taktakna. Manéhna angger ngajengjen, teu usik. Kuring samar rasa, nungguan pibakaleunana. Lalaunan manéhna tanggah bari ngarérét. Treup, pateuteup. Beungeutna sepa, panon molotot. Teu lila leungeunna ngaheurasan, tipepereket. Cacalawakan, “Juriiig...!” cenah, langsung ngabecir.**
Comments