DASAR
- Donny Jatnika
- Dec 13, 2019
- 1 min read
Taman Kota. Pabeubeurang. Tilu urang anteng guntreng, tinggerendeng. Teu nolih sakurilingna. Tingcikikik. Tingcakakak. Ajrag-ajragan. Sakapeung ééngklakan. Hut-hét pepeta tengahing cacarita. Tilu sobat dalit. Lir gula jeung peueutna. Sareundeuk saigel. Ngigel nu saenyana.
“Lain, euy. Ari sia kunaon, kieu?” nu maké dudukuy nanya,
“Pamajikan ménta pisah, aing embung. Tapi kuat gurat euy. Tungtungna kagégéloan. Gélo aing téh meureun, nya.” nu botak ngahaminan. Glek nginum. Ger, sarurak.
“Siah, dibéakkeun,” gentak nu jabrig ngarebut botolna. Beletak ditakolkeun. “Ingah sabalikna, euy.” neruskeun omonganana “Aing hayang pisah, pamajikan embung. Gégéloan wéh. Pék téh ngeunah,” blem, ngahuapkeun géhu. Ger, sarurak deui, ditungtungan ngaréngklak.
“Ari sia...?” duanana malik nanya, bareng.
“Ah, aing mah kabita wungkul. Arilaing bangun senang.”
“Siah..., teu cageur!” beletak, pada narékéan. Pada nampilingan. Pada ngagebugan. “Ampun..., ampun!” manéhna gogorowokan. Teu dipaliré. Beledag. Blug.
Jung, Si Jabrig nangtung. “Awas Siah, mun maranéh nurutan gélo. Disiksa.” Bari popolotot, hohoak ka sakurilingeunana nu mimiti rub-rob. “Arindit Siah!”**
Comments