HARIRING KEUR NU RUNGSING
- Donny Jatnika
- Dec 13, 2019
- 1 min read
Song, tas luhureun meja. Dibuka, ditembongkeun eusina, ditutup deui. “Samiliar.” Pokna bari muka kacapanon hideungna. Ngarérét ka lalaki gigireunana, urang mancanagara. Balik deui mencrong kuring.
“Pamajikan manéh diinjeum. Sapuluh poéeun.”
“Maksudna...?”
“Ulah hariwang, dipulangkeun deui. Salamet.” Pokna teteg. Ngarérét ka awéwé nu titadi diuk saméja méméh maranéhna datang. Ngajak indit. “Jang ganti dahareun ‘na méja,” neundeun sababaraha lambaran beureum. Kuring tibang olohok. Awéwé tadi, ngiclik nuturkeun. Siga dihipnotis. Rét kana duit. Rét kana tas. Diwawaas.
/Don’t throw it all away our love, our love....../ lagu Bee Gees nu kungsi populer taun dalapanpuluhan nu dinyanyikeun ku ‘Home Band’ Restoran, kawas nu ngaléléwé.
“Lami teuing nya, Pah,” ceuk pamajikan, teu kanyahoan datangna, “lebet angin,” bari ngarérét ka Si Cikal.
“Ti Istri nu tadi? Saha éta téh?” sanggeus nempo duit na méja.
“Hayu, buru-buru indit.” cengtéh.
“Maksudna...?”
“Ulah hariwang. Digantian deui.”
“Saha nu tadi..?” manéhna curiga.
Kuring ngabigeu bari terus nungtun semu ngagusur.**
Comments